Kasehatan Lingkungan Leuwih Utama28 Nov PIKEUN numuwuhkeun kasadaran masarakat ngarumat lingkungan dina harti nu jembar, kudu dicontoan jeung dibarengan prak-prakanana. Lain ngan ukur teori, saran atawa papagah bae. Lantaran kaayaan bumi geus matak pikahariwangeun. Rea kacaritakeun kajadian nu ngabalukarkeun kamusibatan, kawas banjir jeung taneuh rugrug. Alatan leuweung bulistir atawa leuwi pinuh ku runtah.
Keur ngungkulan pasualan eta, Dinas Kesehatan Kab. Kuningan dina raraga Hari Kesehatan Nasional
(HKN) boga anleh ngalaksanakeun program kali bersih (Prokasih), di
leuwi Citamba nu perenahna di puser kota Kuningan. Melak tatangkalan
sarebu tangkal di lelewek kebon raya di Desa Padabeunghar Kac.
Pasawahan. Salian ti eta, masarakatna oge ditumuwuhkeun sikep hirup
sehat.
“Lingkungan boga
pangaruh gede, nepi ka 45 persena keur ngahangkeutkeun kasehatan
masarakat. Boh lingkungan tempat campur gaulna jeung nu ngadukungna. Eta
hal kudu diperhatikeun sacara daria, sabab mun dilalaworakeun baris
nimbulkeun kamusibatan nu gede mamalana,” ceuk dr. H. Sarjono, M.Kes.,
Kapala Dinas Kasehatan Kabupaten Kuningan.
Inyana mere
conto, mun keukeumeuh di piceun ka leuwi tur diantep karep lain bae
ekosistemna ruksak. Dalah lingkungan sabudeureunana oge milu ruksak.
Komo mangsa ngijih kawas kiwari, bisa ngadatangkeun banjir jeung
kasakit. Boh diare, kulit ateul, atawa demam berdarah. Nu matak leuwi
teh kudu diberesihan, sangkan caina teu ngeyembeng tur kotor.
Pon kitu deui,
pasir atawa gunung bulistir, bisa ngadatangkeun mamala ceuk Sarjono.
Lueweung teh kudu hejo lembok ku cara dipelakan tatangkalan. Lain
tatangkalan nu aya ditaluaran. Sabab kauntungan ku lembokna leuweung
bisa ngajaga angin sangkan tetep bersih teu keuna polusi.
“Dina HKN ayeuna,
sim kuring miharep tumuwuhna kasadaran pikeun ngarumat lingkungan.
Sabab darajat kasehatan teu ningkat mun lingkungan teu sehat. Nu
ngadukung tingkat kasehatan mun dipersentaseukeun, siga paripolah ngan
ukur 30 persen jeung nu teu bisa dirobah kasakit turunan 5 persen.
Sesana nu nangtukeun lingkungan,” pokna.
Nu matak,
sambungna, kasehatan lingkungan leuwih utama. Conto basajana, ayana
kasakit demam berdarah. Apan balukar masarakat kurang rumawat kana
lingkungan. Cai nangreu boh dina solokan, leuwi, na wawadahan nu teu
kapake atawa di pakarangan diantep teu diberesihan. Kitu deui, suhu nu
beuki nyongkab unggal taun atawa nu dibiasa disebut pemanasan global
tea. Kulantaran taya kasaimbangan antara kamajuan teknologi jeung alam
atawa lingkungan.
Sarjono
ngeceskeun, salian kagiatan nu leuwih gede ambahanana oge ngayakeun
acara nu sipatna kasehatan praktis. Diantarana pamariksaan kasehatan
gratis nu dipuserkeun di Pasarbaru Kuningan, senam masal, jeung donor
darah. Kagiatan eta, ngalibetkeun RS. Wijaya Kusumah, Djuanda, RSUD ’45,
Puskesmas, jeung bidan desa sa Kabupaten Kuningan. “HKN
taun ayeuna leuwih euyeub ku kagiatan nu leuwih mangpaat jeung mere
warna mandiri keur kajembaran pangaweuruh kasehatan masarakat,”
pungkasna |